Jumat, 20 Maret 2009

”RUANG” KEUR BAKAT BARUDAK, Majalah Sunda Mangle,No. 2209, Edisi 26 Feb - 4 Maret 2009

OLEH : AJENG KANIA


Ilaharna teu kabeh barudak nyongcolang dina prestasi akademik enggoning nyuprih elmu di sakola. Aya sawareh budak sok dagdigdug nyanghareupan palajaran widang elmu eksakta. Lieur cenah lamun diajar matematika. Atawa rudet nyanghareupan IPA. Cindekna mah, teu onjoy dina prestasi akademik. Barudak samodel bieu biasana sok jadi bahan eak-eakan baturna. Guyonan anu ditungtungan ku gerrr... piseurieun jadi ibur sakelas. Komo lamun guru milu ngahaminan. Majar teh telmi (telat mikir), otak hurang, atawa uteuk pentium hiji, anu ahirna budak jadi era, minder jeung prustasi.

Lamun budak geus teu sumanget sakola, eweuh motivasi, kana dialajar ge bakal sakasampeurna. Balukarna bisa DO (eureun tengah jalan/drop-out). Cita-citana bolay. Kahirupan anu satadina panjang baris mawa harepan bisa peunggas tengah jalan. Geus kaerong, pibakaleun ka hareupna baris mawa ancrub ka pergaulan nirca boh ngilu geng motor, narkoba, atawa jadi pareman. Barudak ngarasa dirina ”manusa gagal”. Bahayana, bisa jadi manehna miboga rasa ceuceub jeung dendem ka kahirupan normal. Sok sanajan siga nu cicingeun, lamun diganggu saeutik oge matak nekad jeung anarki.

Carita di luhur tadi bakal sejen carita lamun guru, sepuhna, sakola jeung pamarentah nyadiakeun tempat jeung milu merhatikeun dina enggoning nyalurkeun potensi bakat eta budak. Kurikulum dan sistim evaluasi ayeuna saestuna ngan sakadar ngahargaan sabagian leutik kamampu barudak utamana palajaran nu aya dina buku rapot. Aspek kapribadian saperti tatakrama, sopan santun, gotongroyong, sifat sabar atawa soson-soson tara kepenteun. Anu jadi juara kelas biasana gumantung kana jumlah skor pangluhurna.

Kitu deui barudak anu nyongcolang dina widang sastra, olahraga atawa seni, sok tara dianggap boga prestasi. Budak anu mindeng mencil nyorangan disebut budak kuuleun, padahal manehna keur maca jeung nulis carita atawa puisi. Atuh budak hahaleuangan atawa hihitaran sok dianggap budak pangedulan. Malah geus jadi tradisi di urang, lamun samen nu dibagi hadiah teh ngan saukur juara kelas, nu punjul dina nulis, olahraga atawa nembang mah tara kapalire.

ngarobah mindset
Dina bidang atikan ayeuna, geus kuduna cara pandang (mindset) ka barudak teh dirobah. Budak ulah dianggap sarua jeung ”angka enol” anu hartina barudak teu boga potensi (eweuh modal nananon) nalika maranehna asup sakola. Sahenteu-henteuna Alloh SWT moal nyieun mahluk lamun jeung teu dibekelan (rejeki) keur jalan hirupna ka hareup, nyaeta pimodaleun mangrupa kecerdasan jeung bakat. Bisa wae manehna, boyot dina ti ilmu pasti tapi onjoy widang olahraga ngojay; lamun nembang siga sora kaleng ragrag tapi sagutrat sagotret hasil coretanna jadi gambar pikaseurieun, tah ieu cocog keur pagawean kartunis; atawa budak pinter ngomong bisa diarahkeun jadi MC, penyiar radio, juru kampanye; kaasup budak buraong gede ambek lamun diperenahkeun ka kleup tinju, moal boa jadi petinju sohor, jste. Ieu pisan nu jadi teu panuju, Howard Gardner - ahli psikologi - ka kacerdasan monolitik (intelligence quotient/IQ) anu dijadikan hiji-hijina ukuran keur nangtukeun cerdas henteuna manusa nu dipake mangtaun-taun. Numutkeun anjeunna, paling henteu aya tujuh kacerdasan anu aya dina diri manusa keur modal sukses hirupna, nyaeta: matematika-logis, musik, gerak, bahasa, verbal, jste. Saestuna mah, bakat naon wae lamun soson-soson bakal mangpaat ngahasilkeun duit enggoning nyorang mangsa ka hareup. Jeung lamun jalma bisa ngamangpaatkeun potensi bakatna, moal aya jalma ngaligeuh. Talenta eta moal tuwuh subur lamun henteu dirangsang jeung ditempatkeun di lahan subur baru jeung kudu disiraman. Carana barudak kudu dibere kepercayaan, arahan jeung pujian sangkan maranehna ngarasa resep jeung sumanget.

Potensi jeung bakat barudak leuwih hade lamun diimeutan ti leutik keneh keur mere rupa bimbingan jeung pelayanan nu cocog. Di sakola salian ti diajar di kelas, bakat budak bisa diarahkeun ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler anu aya di sakola. Salian ti eta, kacida perluna ”ruang” prestasi budak minangka mintonkeun hasil gawe maranehna. Contona: budak nu boga karesep nulis carpon, puisi, sisindiran atawa nyieun kartun, diwadahan ku unit majalah dinding atawa buletin sakola. Pangaruhna gede pisan keur ngembangkeun bakat budak. Puisi budak nu teu sapira lamun ditempelkeun di majalah dinding, bakal mere rasa percaya diri jeung sumanget pohara gedena. Keur ngasah prestasi barudak satuluyna, sakola bisa ngayakeun kagiatan pentas seni atawa kompetisi olahraga. Kagiatan ieu mangpaat pisan keur ngukur prestasi jeung nyiapkeun mental budak di harepeun publik. Nu perlu dicatet, prestasi henteu bijil ujug-ujug, tapi buah ti proses kerja keras dan latihan anu panjang. Coba wae titenan, Chris John (petinju), Bambang Pamungkas (pamaen bal), Najwa Shihab (panyiar tivi), Luna Maya (artis), Ananda Mikola (pembalap), Bob Sadino (pengusaha), atawa Aming Extravaganza (bodor) maranehna jalma-jalma anu geus ngamangpaatkeun bakatna dina tempat nu pas antukna bisa sukses jeung eksis di widang sewang-sewangan. (**)

AJENG KANIA,
Guru SDN Taruna Karya 04 – Cibiru –
Kota Bandung