Minggu, 30 Mei 2010

EMH, KUTEUNGTEUINGEUN, PPM Majalah Mangle 2223/4-10 Jun 2009

BADA kagiatan di PGRI Jawa Barat, kuring boga niat rek neang alat peraga di Pasar Palasari anu teu jauh ti PGRI. Sakalian miang ngarah teu lebar ongkos. Harita perelu peta Indonesia anu badag 8 lembar keur alat peraga dina PTK.

Palayan toko kacida tangginasna laladang. Geus kitu utang-itung nepi ka ebreh jumlah anu kudu dibayar sabada dipotong diskon. Atuh teu talangke kuring muka loket rek babayar. Barang diutang-itung tetela duit anu dibawa teh teu cukup.

Dibulak-balik diitung deui ge, henteu nambahan angger wae. Kumaha pipetaeun kuring, mangkaning solmet ti PGRI tos marulang. Lamun dikurangan hiji atawa lamun bisa dikasbon, atuh angger atung-atung eneh wae, kudu bulak-balik ka Palasari deui. Lain ku nanaon hoream ku macet jeung jauhna.

Keur anteng mikir eh aya ide hade. Asa kaingetan, kuring mah sok rajeun aktip nulis dina surat kabar. Koran atawa Majalah di Bandung mah meh kabeh kapapay ti PR-na, Kompas Biro Jabar, Gala atawa Tribun. Oge aktip di majalah PGRI tur BKW Disdik. Tah lamun keur darurat sok ngararad honor ti kantor media hiji ka media sejen.

Eh, kuloneun pasar Palasari aya kantor majalah Mangle. Kuring boga sababaraha barakatak jeung PPM anu can kacairkeun. Yesss. Ceuk budak ayeuna mah. Hate kuring bungangang.

Kuring sasadu. Barang mah dipanjer we heula. Te dililakeun deui kuring ngagidig muru kantor Mangle. Bari renghap ranjug ge teu burung nepi. Kuring ditarima kalayan someah darehdeh ku Ibu Kasir. Ari biasana mah honor teh sok dikumpul-kumpul diteangna tilu bulan sakali.

Sabot ngareureuhkeun kacape, kagareuwahkeun ku hariweusweus Ibu Kasir.

“Honor nu eneng mah geuning tos aya nu nawis kacandak ku batur..”
“Emh, Ku teungteuingeun, Ki Sobat...” sakitu nu kedal bari neuteup lalangit rumpaka Mangle. Gerentes hate teh, nya paling barang dianjuk heula, isuk angger kudu balik deui mayar ka Palasari.

Ngan untung Ibu kasir wijaksana.

“Ieu honor nu eneng ku ibu digentosan, keun ku ibu urang potong nu mawa honor eneng engke, da apal tawisana,” saur Ibu Kasir ngupahan kuring.

Ari geus ngagembol mah, gidig deui kuring muru Palasari rek mayar sesa balanja. Terus kana beus kota Kalapa – Tanjungsari muru ka Cibiru keun bari mawa hate nu masih reuwas kareureuhnakeun.

Ajeng Kania,
SDN Taruna Karya 4 Cibiru, Bandung