Senin, 25 Oktober 2010

Manuk Japati Jeung Hayam Jago, Mangle No. 2293, 21-27 Oktober 2010



Ku : Tèh Ajeng Kania

Baheula mah sato bisa hiber pangluhurna nepi ngapak mega tèh taya deui iwal ti hayam jago. Gegeleberan mapay jomantara ngaliwatan samudra mapay lamping nutug ka landeuh ngapak deui ka puncak gunung. Hayam jago katelah raja jomantara…

Rupa hayam jago teh katelah kasep lamun dina jalma mah. Boga jawer beureum euceuy mani cahayaan. Panon hideung mani bengras boga ajen jeung komara. Bulu-bulu leutik dina beuheung anu rupa-rupa warnana, kayaning beureum, koneng, hideung tur semu gedang asak mangrupa papaes diri anu beunghar ku rupa-rupa motif matak gagah nu makena. Jangjangna anu rubak tèh, diwarnaan ku warna bulu anu ngajajar rapih hurung mencrang. Palebah tonggong bulu aripis anu diwangun ku rupa-rupa warna nandakeun lain mahkluk samanea. Bulu buntut anu panjang melengkung hideung meles estu payus pisan jeung dedegana anu jangkung gede.

Hayam boga pakarang anu matak seber musuh nyaèta pamantuk anu teuas tur seukeut. Jeung pakarang anu dipikainggis ku musuh anu aya dina sukuna nyaèta siih. Sakali ngabintih matak kalenger atawa perlaya musuhna.

Atuh ieu pisan nu matak watek hayam jadi adigung gede hulu alias sombong. Talajakna ukur lajag lejeg nembongkeun diri nu hade tagog tèh ogè miboga pakarang anu matih. Salian ti kitu bisa hiber ngombah jomantara.

“Sampurna diri kuring,” gerentes hatena.

Sapopoe gawena ukur ngawang-ngawang, nalingakeun bisi aya anu wani-wani ngacak-ngacak wilayahna. Teu weleh ditalingakeun kalayan gemet bisi aya anu nyurigakeun. Bosen ngontrol basisir lebar kaler, isukna hiber ka basisir kulon parat nepi ka tonggong gunung.

Lamun cape hiber, sok eunteup dina puncak gunung atawa pasir pangluhurna bari ngaluis. Sakapeung disada tarik pisan siga nu ngabejakeun yen “pangawasa jomantara” keur aya di wewengkon èta. Omat sabangsaning nu bisa hiber kawas manuk piit, japati, kapinis atawa heulang ogè ulah waka kumawani katangen hiber. Lamun aya nu maksa hiber, hayam moal asa-asa bakal ngawarah mahkluk kucara dibintih taya ras-rasan.

Hiji poe, basa hayam keur ngapak mega, aya manuk japati bangun rurusuhan hiber kawas nu maling-maling ulah katingalieun hayam jago. Èta rurusuhan. Tapi karasa ogè ku indra kagenep hayam jago. Siga aya sensor ngabejaan yen aya mahkluk sejen ngulampreng hiber jeung manehna. Barang katingal aya manuk japati dihandapeuna keur hiber, teu antaparah deui seooottt…hayam hiber nutug ka handap muru manuk japati.

Jebroddd. Manuk japati dibintih… Gubrag manuk anu leungit kasaimbangan rag-rag. Manuk japati nu keur memener jangjangna nahan kanyeri bari boborot getih beureum tèh dipahala terus dibintihan.

“Tuluuung…Hampura agan,” ceuk manuk japati bari murungkut. Getih beureum tèh ku pamatukna dioles-oles ka sukuna. Katingal pamatuk japati balopotan getih beureum.

“Kunaon Sia kumawani hiber. Teu apal aya Aing di luhur. Yeuh, bisa teu apal mah, Aing tèh nu ngawasa jomantara deuleu..” ceuk hayam kekerot. Jangjangna digebes-gebes, terus tulak cangkeng bari disada kongkorongok matak jenger kana ceuli.

“Punten, Agan. Abdi rusuh pisan, barudak kuring ti enjing lalapar. Ieu aya sesa beunyeur kanggo barudak….” ceuk manuk japati bari pupurungkutan meungpeunan beungeutna ku jangjangna.

“Paduli teuing, lain urusan Aing. Sakali-kali deui kumawani hiber babarengan komo ngajak balap, nyawa maneh tarohana,” ceuk hayam jago bari ngepak-ngepak jangjangna terus kongkorongok. Bagja ningali musuhna geus teu walakaya.

Barang hayam jago rek hiber, harita karasa beurat. Hayam jago teu bisa kawas sasari, sok langsung ngapung ka luhur ngapak mega. Ayeuna mah ukur gagarapakan paling hiber saluhur pager.

“Tah, nu matak anjeun tong sombong. Ti dangeut ieu, maneh hayam jago moal bisa hiber luhur. Maneh masih bisa hiber ukur bisa meuntas pager,” saur Baginda Sulaeman, maharaja anu dipikaajrih ku para binatang.

Teu kantos lami neraskeun cariosana.

“Tah, manuk japati, anjeun nu bisa hiber luhur, ngan kahade ulah sombong siga hayam jago. Keur ciciren kajadian ieu ngarah anak turun anjeun inget terus, getih anu tadi dioleskeun ka suku anjeun, ogè getih sesa dina pamatuk, moal leungit nepi ka jaga baris diwariskeun ka anak turun anjeun. Ayeuna bral geura miang, barudak anjeun geus lalapar…”

Bari nahan kanyeri, manuk japati hiber deui. Ari hayam jago ngagukguk ceurik, pedah moal bisa hiber luhur deui. (**)