Ku : Ajeng Kania
Meh ampir unggal aya bursa tenaga kerja teu weleh dirariung bari pasesedek ku para jajaka jeung wanoja anu nareangan gawe. Malah katara aya nu umurna barudak keneh kawasna anyar kaluar SMA, teu saeutik oge nu tos kulawarga.
Pagawe, hiji kecap anu ngabogaan ajen di masarakat urang. Malah jadi obsesi barudak sakola. Guru, sobat, dulur atawa picaloneun mitoha lamun seug paamprok anu ditanya teh moal bireuk deui iwal nanyakeun “gawe di mana ayeuna?” Kitu deui guru atawa kapala sakola lamun apal aya alumnina gawe di Telkom atawa Pertamina sok kacapangan milu reueus malah sok milu agul. Teu apal di Telkom teh, salian ti direksi, jabatan ukur centeng, supir, kenek, office boy, tur karyawan biasa ge patulayah.
Beda jeung lamun dagang baso, muka warung sangu atawa muka sablon kaos. Taya nu mikareueus komo nu ngagulkeun. Padahal lamun milang beubeunangan (income), kawasna urang kudu ngangkat topi ka maranehna. Ukur ngala bati Rp. 50.000 nepi 100.000 sapoe, pikeun tukang baso anu geus boga langgan moal lila. Cukup nagog dua jam dihareup gang, moal burung dirariung ku ibu-ibu atawa mojang nu raresep baso. Teu saeutik ti maranehna baroga kios leuwih ti hiji, anu tangtuna maranehna boga pagawe. Ti sumanget enterpreneur (wirausaha) maranehna, tetela geus ngarojong program pamarentah dina nyayogikeun lapangan kerja. Lamun dititenan, dina saurang boga hiji kios, anu sakiosna ngagawekeun tilu nepi kalima jiwa saeutikna, lamun dibilang kalawan gemet, saestuna bakal leuwih loba lamun diitung jeung kulawargana, tangtu tos ngorotan jumlah pangangguran di urang.
Beda jeung pagawe, ari pagawe tea kapan gajihan teh kudu wae nunggu tanggal 1. Teu hemeng lamun aya nu istilah tanggal kolot. Dina sataun gajihan ukur 12 kali. Keur PNS aya bonus hiji jadi 13. Geus kaerong sabaraha kali pagawe gajihan ti mula jadi calon pagawe nepi ka pangsiun. Beda jeung nu usaha, sok sanajan teu tangtu gede leutikna, keur maranehna mah mayeng tur aya areup-areupkeun unggal poena, kaasup lamun marema anu tangtuna hasilna muncekil.
Teu nanggung resiko
Numutkeun Ir. Ciputra, usahawan sukses nu kakoncara, bangsa Indonesia hese maju alatan jalmana rea keneh nu ngabogaan mental pagawe, minim anu boga sumanget wirausaha (enterpreneur). Mental pagawe mah dicirikeun lamun balanja ukur konsumtif saharitaeun. Ari nu usaha mah beda deui, dina mikirna produktif, balanja teh keur barang anu ngahasilkeun, tur modalna kudu balik deui. Esais Jakob Sumardjo netelakeun yen Indonesia emang nagarana pagawe. Keur jadi pagawe, rea anu ngahalalkeun sagala cara asal kacatet miboga status pagawe.
Emang jadi pagawe mah kaitung teu nanggung resiko gede. Anu getol jeung nu kedul, asal golongan sajajar gajih sok disakompetdaunkeun. Pagawe mulang sore biasana kari reup sare, beda jeung usahawan anu uteukna teu weleh ngumbara, mikiran kumaha neangan modal, mikiran can mayar pajeg, sewa kios, saingan, susut barang, oge utekna teu weleh ditangtang terus keur mekarkeun usaha.
Salila ieu kawirausahaan (enterpreneurship) meh teu kapalire. Sakola atawa paguron luhur rereana ukur nyitak pagawe. Kakara kabehdieukeun paguron luhur jeung dunya atikan ribut pereluna jiwa wirausaha. Krisis moneter sabenerna nu mere ilham, di mana palaku usaha sok sanajan modal leutik leuwih tohaga ti batan pausahaan gede. Kahareup moal bisa ngandelkeun sapinuhna ka pabrik jeung instansi pamarentah nyerep tanaga kerja anu beuki dieu beuki heureut.
Lamun diimeutan, sabenerna kaparigelan jiwa enterpreneur bisa dilatih di mana wae. Barudak anu dibiasakeun icikibung jeung bapana milu laladang di toko bakal leuwih tangginas tur pangalaman sarta kauji tibatan sarjana anu kakara lulus. Pangalaman minangka guru paling hade keur “ngaminij” usaha, sualna aya hal anu teu bisa ukur ku teori wungkul kawas sual negosiasi, urusan jeung bank, nyobat jeung sales atawa nyugemakeun konsumen.
Kaduana faktor lingkungan. Lingkungan mere pangaruh gede keur nyitak usahawan munggaran. Urang talungtik, wewengkon Singaparna kasohor tukang kupat tahu atawa urang Panjalu loba anu ancrub ka usaha rongsok atawa tambal ban. Kunaon bisa kitu? Eta pangaruh lingkungan nu ditepakeun ti dulur-dulurna anu geus sukses. Geus lain rusiah deui, tong boro neangan gawe, milu babantu (magang) wae hese. Tapi ari ku hubungan pancakaki mah, koneksi jadi lancar. Geus kaala elmuna maranehna bisa mandiri. Nu matak teu hemeng meh sadudulur usahana sarua.
Sabenerna rea bidang pausahaan sejen salian ti kuliner, siga sablon, percetakan, konpeksi, iklan, widang jasa, atawa seni anu kaasup industri kreatif saestuna widang bisnis anu bakal ngagawekeun jalma rea. Barudak sakola atawa mahasiswa lian ti teori ti bangku sakola, kudu bari resep ilubiung di sentra industri kreatif mana wae ngarah boga pangalaman, kaparigelan jeung relasi, anu moal hese neang pakasaban sabada lulus.
Jalma anu boga sifat enterpreneur bakal lincah jeung uteukna pinuh ku rupa-rupa konsep jeung rencana piusahaeun ka hareup. Lamun kareret hiji lokasi heug di parapatan, keur maranehna mah geus kaeunteung piusahaeun, waragad tur pirameeun kahareupna. Jeung sok sanajan loba cabangna, enterpreneur mah moal ripuh atawa cape. Ieu luyu pamadegan Bambang Suharno (2003) yen ciri jiwa entrepreneur sejena, gampang mercayakeun tanggung jawab ka pagawe nu dipercaya keur muterkeun gurita bisnisna di tiap cabang, moal dikeukeuweuk ku sorangan. Contona wae Purdhi E. Chandra (nu boga Primagama), tina 300 cabang boga manehna, singhoreng tacan satengahna oge anu kasaba ku jinisna tapi tetep we solid.
Ir. Ciputra netelakeun yen bangsa Indonesia merelukeun wirausahawan sakira 2% ti 220 juta pendudukna lamun hayang jadi nagara makmur. Ayeuna karek boga 400.000 usahawan anu satara jeung 0,18%, anu hartina perlu 1,82% sarua jeung 4 juta palaku usaha sangkan bisa jadi bangsa raharja. Ku kituna, pamarentah kudu ngarojong iklim jeung sumanget entrepreuneurship boh ku nyieun peraturan pro dunia usaha atawa mere bingbingan pelatihan, sarana magang, jeung tangtuna bantuan modal keur waragad usaha. (*)
Ku; Ajeng Kania
SDN Taruna Karya 4, Kec. Cibiru - Kota Bandung
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar