Selasa, 17 November 2009

Miara Kasehatan Budak Sakola, Mimbar Atikan, Mangle No. 2244 5-11 Nopember 2009, hal 26-27

Ku:
Ajeng Kania,
SDN Cibiru 5 Kec. Cibiru
Kota Bandung

Dawuhan Kanjeng Rasulullah SAW : ”Aya dua ni’mat anu rea manusa mopohokeun kana dua ni’mat eta nyaeta kasehatan jeung kasempetan” (HR. Bukhari). Kasehatan karasa aya hargana, lamun manusa katerap kasakit. Pon kitu deui, pasualan kasehatan anu tumiba ka barudak sakola boga pangaruh gede pikeun ajen inajen kasehatan bangsa jaga.

Saluyu sareng konsep kasehatan numutkeun WHO nyaeta konsep kesehatan sacara paripurna lain ukur urusan ”sehat” sacara pisik, tapi oge kudu sacara sosial tur batin. Anu kaunggel dina UU Kasehatan No. 23/1992 yen kasehatan teh minangka karaharjaan tina badan, batin, jeung sosial anu mungkinkeun manusa hirup sakumaha mistina di masarakat.

Sok sanajan harta lubak libuk bro di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, lamun waruga teu sehat taya hartina. Lamun katerap kasakit, jalma sok bebeakan bandana alatan tatamba kaditu kadieu anu tangtu merelukan waragad teu saeutik. Tetela jagjag waringkas sehat lahir batin minangka rahmat paparin Gusti Alloh anu taya bandingana.

Pasualan kasehatan kiwari
Baheula, aya warta barudak busung lapar akibat kurang gizi mangrupa kajadian biasa. Budak panona carelong, awakna kuru, jeung beuteung cacingeun meh kawenehan di unggal tempat. Beda jeung kiwari anu tibalik, barudak katangen lalintuh tur ngareusi. Tapi lamun ditengetan kalawan gemet, loba kabiasaan barudak kiwari saestuna henteu sehat, anu tangtuna bakal jadi pasualan serius mangsa jaga.

Di sakola biasana tukang dagang ngaleuya. Ti mimiti rupa-rupa inuman kawas es jeruk, es lilin, es doger, limun, jste. Oge kadaharan anu warnana hurung mencrang jadi pangirut barudak ngarah kabita. Sawareh dahareun teu leupas kudu wae make saos anu miboga rasa lada kawas cakueh, emi, atawa bandros. Bungbuahan kawas gedang, ganas, atawa kadongdong geus biasa dianclomkeun heula ka sodium ngarah buah haseum karasana jadi amis. Padahal saestuna warna anu mencrang, rasa amis atawa bahan saos ngandung unsur kimia anu ngabahayakeun. Teu saeutik make sianci pawarna kaen, sodium, pangawet, borax atawa formalin.

Atuh dina barudak kaluarga sugih, ayeuna mah raresep dahar di mal atawa kafe. Eta kadaharan mahal tur gurih (fast food) tea loba nu ngandung lemak, soda, pasta, atawa bahan kimia anu teu sehat ka awak. Malah rea dahareun anu sabenerna teu ngandung gizi nanaon (junk food) ukur gengsi jeung mahal wungkul minangka karesep rumaja. Dina pergaulan sapopoe, rumaja teu kuat iman, mindeng kabawakeun kana konsumsi barang-barang teu sehat kawas alkohol, rokok, atawa narkoba.

Lian ti dahareun, pasualan sejen anu tumiba ka barudak, loba budak anu gawena anjoclo dipepende ku permainan digital. Sapope ukur lalajo tipi, maen hape, maen game atawa PS, atawa maen internet. Kabiasaan anu cameubleu (statis) eta matak ngabalukarkeun panyakit kurang gerak (hipokinetik) antukna katerap obesitas. Obesitas (lintuh bayuhyuh) lain ukur ngarusak penampilan ideal, tapi numutkeun Sri Purwati (2001: 24) boga potensi laten ngabalukarkeun masalah kasehatan manusa engke jaga, kawas katerap panyakit degeneratif leuwih cepet siga: hipertensi, jantung koroner, kencing manis, kanker, arthritis/gout, hiperkolesterolemia jeung hipertrigliseridemia tur batu empedu. Tangtu masalah eta lain pasualan remeh, tapi perlu dikokolakeun ku pamarentah jeung masarakat kalayan daria ngarah henteu tumiba ka generasi barudak urang.

Kabiasaan perilaku hirup bersih jeung sehat

Elemen kasehatan masarakat kacida pentingna pikeun ngukur IPM (Indek Pangwangunan Manusa) hiji daerah anu diwakilan ku indeks kesehatan, yaeta darajat kesehatan jeung angka harepan hirup (life expectancy rate) di masarakat. Kasehatan hiji bangsa mangrupa modal penting ngawangun bangsa anu raharja gemah ripah loh jinawi. Saluyu jeung paribasa neletakeun yen lamun rahayat sehat nagara tangtu kuat.

Tos jadi tabeat jalmi, kakara ka dokter lamun geus katerap kasakit. Atawa kakara ngeuh gorol miara kabersihan lingkungan lamun geus katerap panyakit demam berdarah. Kabiasaan anu leleda kitu kudu dirobah ku mindset (pola pikir) anu leuwih tangginas nyegah pipanyakiteun batan kudu ngubaran. Paradigma preventif (nyegah panyakit) dan promotif (kampanyeu kasehatan) kedah langkung disosialissaikeun batan paradigma kuratif (pengobatan). Sabab pencegahan dan promosi (sosialisasi) biayana leuwih murah tibatan lamun kudu tatamba geus katerap kasakit.

Kampanyeu kesehatan kalayan intensif kedah jadi program ka masarakat (barudak, rumaja atawa kolot) ngaliwatan gerakan perilaku hirup bersih jeung sehat (PHBS). Di sakola bag-bagan sual kasehatan, miara kabersihan, gizi jeung rupa-rupa panyakit dipedar dina pelajaran Pendidikan Jasmani, Olahraga jeung Kasehatan (Penjaskes) oge IPA penting pikeun bekel barudak jaga. Tangtuna lain ukur tiori, barudak perelu ngalaksanakeun sacara nyata dina paripolah sapopoe. Kagiatan piket barudak jiga sasapu di kelas, nyebor kembang atawa ngelap kaca dina enggoning miara kabersihan kelas kacida diperelukeuna pikeun ngabiasakeun hirup berseka.

Barudak sakola minangka calon generasi penerus kudu boga kaparigelan miara kasehatan jeung mantrangan tabeat anu bakal ngabalukarkeun kasakit siga rea bagadang peuting, ngaroko, inuman ngandung alkohol atawa narkoba. Kitu deui dina milih dahareun kudu pinter, nyaeta anu halal, bersih, tur miboga gizi saimbang. Sarapan di imah samemeh ka sakola pikeun barudak sakola leuwih hade batan jajan teu puguh di sakola. Ari ku wareg mah barudak bisa konsentrasi nalika diajar di kelas, kaduana dahareuna kakontrol.

Ahirna dina sapopoe barudak bisa ngariksa dirina jeung lingkungan sabudereuna. Samemeh barangdahar, ngumbah leungeun make sabun jadi tabeat barudak. Barudak kedah rajin mandi saeutikna dua kali sapoe ngarah teu aya kokotor atawa jaram anu nempel.

Lamun pola hirup bersih jeung sehat geus tumerap ka dirina, barudak bakal milu mirosea kana kabersihan lingkungana. Barudak bakal miboga inisiatif lamun ningal runtah, lebu katut cai ngeuyeumbeu langsung gancang-gancang diberesihan. Sualna apal, lingkungan kotor karesep dipake sayang reungit. Kahareupna, lamun barudak katut masarakat geus micinta kabersihan insya Alloh wabah panyakit anu dibalukarkeun ku lingkungan siga demam berdarah, malaria, disentri, flu burung, muntaber, jste bakal nyingkah jauh.

Dina enggoning miara kasehatan ngarah jagjag waringkas terus kudu dibarengan ku olahraga anu teratur, istirahat anu cukup, merelukan cek-up medis berkala, asupan gizi saimbang, pola hirup sehat, jste. Atuh pikeun barudak kade ulah kaluli-luli pereluna imunisasi saluyu jeung tingkat umurna. Munasabah lamun barudak anu sehat, dina nyuprih elmu nyiar pangarti di sakola bakal leuwih konsentrasi, beda jeung budak anu tiktikbrek kana diajarna pasti kaganggu. (**)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar